v Dialog Wawancara :
Siswa : “Punten Pa tiasa nyuhunkeun
waktosna sakedap, abdi sareng
rerencangan gadun pancen ti guru basa sunda
kanggo ngawawancara.
Manawi Pa….. kersa di wawancara ngenaan ?”
Pa : “Muhun mangga neng.”
Siswa : “Tos sabaraha tahun Pa ngajual Fried chicken ?”
Pa :
“Atos tilu tahun satengah neng.”
Siswa : “ Ti tabuh sabaraha Pa dagang Fried chicken ?”
Pa : “Jualan biasanamah Ti tabuh 15.00
dugi ka 21.00.”
Siswa : “ Sabaraha harga Fried chicken
hijina ?”
Pa : “Ari hargamah kumaha ukuran Fried
chicken na, Upami Dada
Rp.7.000, Jangjang Rp.6.000,Hulu Rp.2.000,
sareng Pingping
Rp.7.000.
Siswa : “Sabaraha kauntungan Pa ngajual Fried chicken ?”
Pa : “Upami etamah tergantung rame
henteuna nu meser ngan biasana dina
sapoe dina menanglah
ratusan rebumah.”
Siswa : “Upami, Bahan-bahan kanggo ngadamel
Fried chicken, naon wae. Pa ?”
Pa : “Bahan-bahan kanggo ngadamel Fried
chicken mah ngan hayam, cai,
minyak goreng,bawang
bodas,uyah,sareng aya bahan-bahan kanggo
ngadamel adonan tepungna
nyaeta Tepung kanji, baking powder, uyah,
bawang bodas, sareng
tepung tarigu.”
Siswa : “Upami cara ngadamelna
kumaha. Pa ?”
Pa :
“kahiji siapkeun bumbuna, nu kadua campurkeun hayam sareng bawang
bodas, uyah. Icingkeun neupi sapeting, tos
eta campurkeun deui
hayam sareng adonan tepung , upami atos
panaskeun minyak dina
panci, tos eta goreng hayamna neupi garing
sareng warnana coklat
kaemasan.”
Siswa
: “Dina ngadamel Fried
chicken aya resep khusus teu. Pa ?”
Pa : “Teu aya, ngan upamai ngagorengna kedah terang
teknik-teknikna
supados hayamna jadi renyah.”
Siswa
: “Aya teu sih taktik
atawa strategi Pa dina ngajual Fried chicken ?”
Pa
:
“Upami strategi khusus mah teu aya, ngan upami Fried chicken hayang
laku urang teh kedah tiasa ngadamel Fried
chicken okos nu aya di
restoran-restoran
KFC.
Siswa
: “Mung sakitu wenya
pa, Hatur nuhun kanggo waktos na hapunten bilih
aya kalepatan.”
Pa :
“Muhun sawangsul na.”
LAPORAN WAWANCARA
v BUBUKA
Ieu tulisan mangrupa laporan hasil wawancara.
Topik anu nu dibahas dina ieu wawancara nyaeta perkara hayam goreng atanapi Fried chicken. Narasumber
anu diwawancara nya eta Pa Anjeunna teh tukang ngajual Fried chicken di
panyunen SDN duren. Wawancara dilaksanakeun dina dinten Jum’at 14 Maret 2014,
tabuh 15.00 sonten.
v EUSI
LAPORAN
Di Indonesia sorangan tos lami urang sadaya terang jenis masakan
hayam nu ngagorengna pake tepung, eta masakan teh sok disebut Fried chicken.
Kusabab di Indonesia tos seeur restoran-restoran ti Amerika nu ngajual Fried
chicken contona Kentucky fried chicken, California fried chicken, Mac donalds
jeung sajabana. Ti restoran-restoran eta oge masyarakat Indonesia terang naon
eta Fried chicken.
Salain
eta hargana oge relatif murah, kusabab hargana murah sareng rasana anu crispy
ayeuna mah seeur masyarakat Indonesia anu ngajual Fried chicken contona Pa anjennna tos tilu tahun satengah dagang Fried
chicken.
Fried chicken anu di jual di restoran-restoran ti Amerika
benten sareng Fried chicken anu di dijual ku padangan ti Indonesia, anu paling
katingalimah nyaeta tina harga upami anu di jual di restoran-restoran ti
Amerika hargana mahal ngan nu dijual ku padangan ti Indonesia hargana masih
murah. Ari harga Fried chicken anu
dijual ku padangan ti Indonesia kumaha ukuran Fried chicken na, Upami Dada
Rp.7.000, Jangjang Rp.6.000,Hulu Rp.2.000, sareng Pingping Rp.7.000.
Kauntungan dina ngajual Fried chicken mah
tergantung rame henteuna nu meser ngan biasana dina sapoe dina menanglah
ratusan re’bumah.
ü Fried
chicken
Ø Bahan-bahan
:
a)
hayam
b)
tepung
c)
uyah
d)
bawang bodas
e)
minyak goreng
f)
cai
Ø Bahan-bahan
kanggo Adonan tepung :
a)
Tepung kanji
a)
baking powder
b)
uyah
c)
tepung tarigu
d)
bawang bodas
Ø Cara :
a)
kahiji siapkeun bumbuna,
b)
nu kadua campurkeun hayam sareng bawang
c)
bodas, uyah.Icingkeun neupi sapeting,
d)
tos eta campurkeun deui hayam sareng adonan tepung
,
e)
upami atos panaskeun minyak dina panci,
f)
tos eta goreng hayamna neupi garing sareng warnana
coklat kaemasan
v PANUTUP
Kitu sawatara hasil wawancara sareng Pa Ngenaan Fried chicken. Mugina aya mangpaatna.
0 comments:
Post a Comment